Selasa, 28 Juni 2016

LIRIK EMKA SEMBIAN HUJAN

EMKA 9 HUJAN

hujan mendakeun harepan, rasa ngahibarkeun caang
poe simpe alam rame,
nyumbu muru ka tangtuan
poek diudag ku beurang tangtu ninggalkeun itungan

hibar sore layung koneng laut neundeun panineungan
gunung ngajentul nungguan panon poe ngalendean
bulan bentang ngadagoan sono peuting ku tingtrimna
kabagja mendak impenan 2x

dangding peuting, gendrung lisung oooo
dangding peuting, gendrung lisung oooo
dangding peuting, gendrung lisung
dangding peuting, gendrung lisung


cai nyurup kahuripan meuntas muru kasucian
lakuning diri sampurna raga pependak kaheman
balebat mapagkeun beurang sagara lemah amparan
leumpang ngaleumah harepan