PAPAGON GRUP FIKSIMINI BASA SUNDA
Oleh Dadan Sutisna pada 31 Januari 2012 pukul 12:09
---------------------------
BUBUKA
Grup Fiksimini Basa Sunda (saterusna disebut FBS), nyaéta grup dina Facebook pikeun midangkeun, madungdengkeun, ngamekarkeun, jeung ngagéroh FBS. Béh dituna, pikeun ngajembaran basa jeung Sastra Sunda, minangka bagian tina nembrakkeun kanyaah urang kana basa indung: basa Sunda. Ieu grup ditaratas ku Nazaruddin Azhar ping 16 Séptémber 2011, tur dikuncénan ku Nazaruddin Azhar, Godi Suwarna, Hadi AKS, Ki Hasan, jeung Éndah Dinda Jénura. Sangkan ieu grup panceg tur jejem dina tujuan awal, nya dijieun Papagon Grup Fiksimini Basa Sunda.
-----------
BAB I: KATANGTUAN UMUM
Pasal 1
Dina ieu papagon, nu dimaksud:
1. Lapak nyaéta rohangan grup Fiksimini Basa Sunda dina Facebook.
2. Kuncén nyaéta admin atawa moderator dina ieu lapak.
3. Fikmin nyaéta naskah nu ditulis dina basa Sunda, dipidangkeun teu leuwih ti 150 kecap, tur formatna luyu jeung katangtuan nulis fikmin.
4. Fikmin Petingan nyaéta naskah fikmin nu katimbang cocog pikeun dipaké rujukan atawa babandingan.
5. Fikmin Grafis nyaéta naskah fikmin nu geus digambaran atawa dipidangkeun dina wangun grafis.
6. Fikminer nyaéta pangarang atawa nu nulis naskah fikmin.
7. Kanca nyaéta mémber atawa anggota ieu lapak, boh nu sok nulis fikmin, boh nu maca wungkul.
8. Pamiarsa nyaéta nu maca postingan dina ieu lapak.
9. Postingan nyaéta naskah nu dipidang dina ieu grup, boh naskah fikmin, boh naskah lianna nu mangrupa béwara atawa iber.
10. Komén atawa koméntar nyaéta tulisan nu mairan kana postingan.
11. Jempol nyaéta aprésiasi kana postingan atawa komén, ku cara klik tombol "like" dina ieu lapak.
12. Leuit Fikmin nyaéta tarékah pikeun ngumpulkeun waragad boh ti kanca boh ti sumber lianna, tur digunakeun pikeun ngamekarkeun FBS.
13. Imah Fikmin nyaéta wéb tempat nyimpen arsip fikmin, alamatna di http://fikminsunda.com.
14. Sair atawa nyair nyaéta prosés nyokotan naskah atawa komén tina ieu lapak, tur digundukkeun dina database nu misah ti database Facebook.
15. Jagabaya FBS nyaéta kanca nu dibéré tugas ku Kuncén pikeun milu mantuan nalingakeun lapak.
-----------
BAB II: NGARAN, TEMPAT JEUNG WAKTU
Pasal 2
Ieu lapak dingaranan FIKSIMINI BASA SUNDA disingget FBS.
Pasal 3
FBS tempatna dina grup Facebook, alamatna di:
http:// facebook.com/groups/fikminsunda/
Pasal 4
FBS ngadeg ping 16 Séptémber 2011 di Internét pikeun jangka waktu nu henteu ditangtukeun.
-----------
BAB III: SIFAT JEUNG TUJUAN
Pasal 5
Sifat FBS nyaéta pergerakan budaya Sunda, hususna sastra Sunda, tur bisa diaksés jeung diiluan ku saha baé.
Pasal 6
1. Ngamekarkeun sastra Sunda dina rupaning média: Intérnét, média massa citak, buku, wangun grafis, jsté.
2. Régenerasi kapangarangan Sunda, hususna dina nulis FBS.
3. Ngagéroh, nyimbeuhan, nuyun, jeung ngabingbing sakur fikminer dina téknis ngarang fikmin.
4. Fikmin jeung fikminer téh bagian tina sastra Sunda, ku kituna, ieu lapak minangka tarékah pikeun nulis, ngawanohkeun, jeung aprésiasi kana karya sastra nu leuwih jembar saperti carpon, novél, sajak, jsté.
5. Silih simbeuh pangaweruh dina élmuning sastra jeung basa Sunda.
6. Ngahirup-huripkeun sastra Sunda nepi ka jaga.
-----------
BAB IV: WENGKUAN KAGIATAN
Pasal 7
1. Dokuméntasi sakur naskah fikmin dina ieu lapak.
2. Ngahiap kanca FBS pikeun méré aprésiasi kana sakur naskah fikmin ku cara komén, kritik sastra, jempol, menerkeun éjahan, jeung menerkeun kecap nu salah larap.
3. Milihan naskah fikmin petingan.
4. Medalkeun buku FBS.
5. Ngayakeun kagiatan aprésiasi jeung sosialisasi FBS, upama ku ngayakeun paméran Fikmin Grafis, musikalisasi FBS, dramatisasi FBS, jsté.
6. Muka Leuit Fikmin.
-----
BAB IV: KUNCÉN, JAGABAYA, JEUNG KANCA FBS
Pasal 8
1. Kuncén boga kawajiban pikeun nyaluyuan sakur calon kanca nu rék ngagabung kana ieu lapak.
2. Kuncén boga kawajiban pikeun ngélingan atawa ngageuing kanca nu teu tuhu kana aturan.
3. Kuncén boga hak pikeun mupus kanca tina kaanggotaan FBS, upama sabada digeuing sabaraha kali, teu nurut kana aturan.
4. Kuncén kudu asa jeujeuhan, teu cueut ka nu hideung, teu ponténg ka nu konéng.
5. Kuncén boga hak pikeun nambahan kuncén lianna, upama aya kanca nu katimbang cocog jeung daék milu ngokolakeun ieu kapak.
6. Pancén Jagabaya FBS nyaéta: (a) Ngabagéakeun kanca anyar bari ngawanohkeun rupaning papagon FBS; (b) Ngajaga lapak tina postingan nu teu puguh boh gambar boh téks nu teu kaasup kana fikmin, komén-komén nu ngacapruk, tur témahna matak ngabarubahkeun ka kanca FBS; (c) Negor kanca nu ngamangpaatkeun rohangan komén pikeun cétting atawa ngawangkong nu taya patali jeung fikmin.
Pasal 9
Sarat jadi kanca:
1. Boga akun Facebook.
2. Ménta panyaluyuan ti kuncén ku cara ngagabung (join) kana lapak FBS.
Pasal 10
Kawajiban kanca:
1. Sakur postingan kudu ditulis maké basa Sunda, iwal ti postingan beunang nyutat meunang maké basa séjén.
2. Sakur postingan kudu ditulis maké éjahan nu baku.
3. Eusi postingan jeung koméntar henteu ngandung SARA, henteu sindir sampir ka kanca séjén jeung henteu matak ngahasud.
4. Tuhu kana aturan ngirim postingan jeung koméntar saperti nu diatur dina Pasal 12 jeung 13, jeung pasal 14.
5. Milu ngageuing kanca séjénna upama aya fikmin nu teu luyu jeung papagon.
6. Milu ngageuing kanca séjénna upama aya koméntar nu teu merenah.
7. Milu ngabéwarakeun ieu papagon ka kanca nu can terangeun.
8. Milu sosialisasi FBS ka balaréa.
9. Kanca teu meunang nyebarkeun "hyperlink" tina ieu lapak ka wéb lianna, kajaba nu aya patula patalina jeung Fiksimini Basa Sunda.
10. Sakur kanca nu ngagabung kana lapak FBS kudu méré idéntitas asli ka Kuncén. Teu diwenangkeun maké akun mamalihan: upamana ngaku-ngaku jadi awéwé atawa nyieun akun séjénna nu matak ngabarubahkeun lapak.
Pasal 11
Hak kanca:
1. Meunang aprésiasi nu sarua kana sakur postingan.
2. Postingan nu luyu jeung katangtuan Pasal 14 baris didokuméntasikeun dina Imah Fikmin.
3. Boga aksés pikeun muka statistik salila ilubiung jadi kanca FBS.
4. Boh hak pikeun midangkeun karya dina wangun média citak, sabada dipilih ku kuncén.
---------
BAB V: POSTINGAN JEUNG KOMÉNTAR
Pasal 12
1. Sakur kanca, ngan boga hak pikeun midangkeun naskah dina wangun fikmin. Upama aya kanca nu boga maksud méré iber, béwara, atawa hal-hal séjénna, bisa koordinasi heula jeung kuncén, nu saterusna dipidangkeun ku kuncén dina wangun béwara.
2. Postingan dina wangun iklan jeung link nu taya patalina jeung sastra Sunda bakal dipupus ku kuncén.
3. Cara midangkeun naskah fikmin diatur dina Pasal 14.
Pasal 13
1. Sakur kanca boga hak pikeun mairan sakur postingan luyu jeung katangtuan Pasal 10 ayat 3.
2. Dina koméntar, kuncén méré kalaluasaan ka kanca pikeun nembrakkeun pananya, uneg-uneg, aprésiasi, jsté.
BAB VI: KATANGTUAN NULIS FIKMIN JEUNG KOMÉNTAR
Pasal 14
1. Pikeun kanca anyar, méméh prung nulis Fikmin, hadéna maca heula rupaning referensi ngeunaan Fikmin. Pikeun babandingan, hadé pisan deui mun maca heula fikmin karya pangarang séjén.
2. Pikeun némbongkeun karancagé kanca dina nulis basa Sunda, sakur naskah Fikmin kudu ditulis maké éjahaan nu baku, pangpangna hal nu éléméntér dina nulis basa Sunda; upamana merenahkeun huruf gedé jeung leutik, titik-koma, spasi, jsté. Teu meunang aya kecap nu disingget deuih.
3. Kuncén méré kalaluasaan pikeun midangkeun Fikmin dina basa Sunda nu leuwih jembar, upamana maké basa wewengkon. Tapi aya hadéna deuih upama pangarang nu nulis dina basa wewengkon, méré catetan kana sababaraha kecap nu sakirana teu matak kaharti pikeun kanca lianna.
4. Naskah fikmin kudu orisinil, lain karya beunang batur, lain beunang nyutat, atawa ngaropéa tina naskah kanca séjénna. Mun kanca rék midangkeun naskah tarjamahan atawa saduran, mugi disebatkeun sumberna.
5. Panjang naskah fikmin paling saeutik 50 kecap, maksimeum teu leuwih ti 150 kecap.
6. Fikminer ngan bisa mostingkeun fikmin sajudul dina unggal tanggal diitung ti jam 00:00:00 nepi ka 23:59:59. Hartina, fikmin saterusna kudu diposting dina tanggal nu béda. Upama aya fikminer mosting sajudul tanggal 24 Juli jam 06.00, karya saterusna kudu diposting tanggal 25 Juli (jam sabaraha baé). Jadi, najan ukur béda 2 jam ti judul kahiji nepi ka judul kadua, ari béda tanggal mah, teu nanaon.
7. Mun aya naskah fikmin nu teu luyu jeung katangtuan ayat 1-6, kuncén jeung kanca lianna, bisa méré panggeuing atawa mangmenerkeun. Mun geus 7 postingan kitu kénéh, éta naskah baris dipupus tina ieu lapak.
8. Eusi fikmin, teu meunang nyabit-nyabit ngaran Kanca lianna ku cara "mentioned". Fikmin nu maké "mentioned" ka kanca sejen, bari langsung dipupus ku admin. Mun geus 3 kali sabada digeuing kénéh kitu, admin bari mupus kaanggotaanana tina ieu lapak.
9. Conto nulis fikmim bisa ditengetan dina lampiran ieu papagon.
Pasal 15
1. Dina nulis koméntar, sabisa-bisa henteu ngencar tina pasualan fikmin, malah hadéna mah mangrupa aprésiasi kana fikmin nu dikoméntaran.
2. Dina koméntar diwenangkeun heureuy atawa banyol, tapi teu meunang kaleuleuwihi nepi ka ngajaheutkeun kanca lianna.
3. Dina koméntar diwenangkeun diskusi atawa adu-argumen kalayan tujuan silih simbeuh pangaweruh.
4. Dina koméntar diusahakeun deuih maké basa Sunda nu luyu jeung éjahan, bisi ka hareupna dipaké analisa téks basa Sunda ku nu ngayakeun panalungtikan.
5. Dina padungdengan, sabisa-bisa wacana nu ngapung di lapak FBS teu
diliarkeun kana dingding pribadi, sangkan pasualan nu pakait jeung lapak
FBS bisa dibeberes dina padungdengan di ieu lapak.
6. Unggal fikminer ngan diwenangkeun méré koméntar kana fikmin nu ditulis ku fikminer séjén maksimal 3 (tilu) kali. Contona: Fikminer A rék méré koméntar kana fikmin nu ditulis ku Fikminer B, mun geus 3 kali nulis koméntar, teu meunang nulis deui koméntar najan aya kénéh nu rék ditepikeun. Sabalikna, Fikminer B teu meunang leuwih 3 kali dina ngajawab koméntar ti Fikminer A. Ieu aturan diiwalkeun pikeun kasus-kasus husus nu mangaruhan kana kamekaran FBS, kitu gé sabada meunang panyaluyuan ti Kuncén.
---------
BAB V: PUBLIKASI JEUNG DOKUMÉNTASI FIKMIN
Pasal 16
1. Sadaya naskah fikmin katut koméntarna nu dimuat dina lapak Facebook, baris didokuméntasikeun kalayan otomatis di wéb http://fikminsunda.com
2. Wéb fikminsunda.com diwaragadan tina Leuit Fikmin.
3. Lian ti dokuméntasi, wéb fikminsunda.com nyadiakeun rupaning pakakas ngarang deuih, saperti kamus, é-book fikmin, referénsi keur ngarang, jsté.
4. Pikeun fikminer nu rék midangkeun karyana di luar lapak FBS (upama dina wangun buku, blog, wébsite, média citak, skripsi, tésis, panalungtikan, jsté), kudu méré heula iber ka Kuncén. Kitu deui pikeun pihak séjén (di luar fikminer) nu rék ngamuatkeun fikmin beunang nyokot ti FBS, kudu méré heula iber jeung ménta panyaluyuan ka nu ngarangna.
-----------
BAB VI: LEUIT FIKMIN
Pasal 17
1. Leuit Fikmin nyaéta waragad nu dikumpulkeun kalayan sukaréla ti para kanca, pikeun kapentingan ngamekarkeun FBS.
2. Sakur kanca bisa milu nyumbang kalayan jumlah teu ditangtukeun.
3. Kanca nu nyumbang baris narima laporan leuit fikmin.
4. Katangtuan nyumbang kana Leuit Fikmin bisa ditengetan dina dokumén fikmin.
---------
PAMUNGKAS
Ieu PAPAGON GRUP FIKSIMINI BASA SUNDA disahkeun ku para kuncén tanggal …
----------------------
LAMPIRAN: CARA NULIS FIKMIN
Fikmin ditulis maké format: FIKMIN # JUDUL # EUSI (bébas rék maké huruf gedé/leutik).
Conto:
FIKMIN # GUNJANG-GANJING #
Kendang penca madungdung tengahing leuweung. “Sor, maju, siah! Aing moal mundur, deuleu!” ceuk Sakadang Pacikrak bari pasang kuda-kuda. Sakadang Merak asa diunghak. Gabret. Sakadang Pacikrak dibintih. Ger. Diadu. Ragot naker. Sakadang Lutung kahatéan. Pudigdig. Jekok nonjok Sakadang Maung. “Kunaon ari sia? Weureu gadung sia téh?” Sakadang Maung ngagaur. Sakadang Lutung dirontok. Ger. Galungan bébéakan. Kendang penca beuki ngemprung. Tarompétna nérétét matak nyérédét. Gajah ujug-ujug tingjéréwét. Gajah diadu jeung Gajah deui. Mangpirang Peucang kaleyek. Gur-ger. Nu tarung di mana-mana. Leuweung beuki gunjang-ganjing. Sakadang Bajing norolong. Muru puncer gayam kahot. “Bah! Abah! Kumaha atuh ieu téh?” Sakadang Bajing hariweusweus. “Cekéng gé, montong sok lalajo TV. Komo TV Énonésa!” walon Sakadang Bueuk bari tuluy peureum deui.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar