Kamis, 11 September 2014

Kumpulan Fikmin Sunda ERHA JUNA

Fikmin # Bajoangna Abah Sakam #

Ngaleut ngeungkeuy saanak oncu, nganteurkeun Abah Sakam ka Puskésmas. Gugurupuh oncu nu lalaki néangan mantri, keur ngarawat akina nu perang ngalawan panyakit. Geus dua poé Bah Sakam teu éling, koma lantaran teu bisa muak.
Peuting mimiti di rumah sakit, kulawargana ngaraji. Nu besuk piligenti daratang ngabantu du'a keur Abah. Ngan angger teu usik leungeun-leungeun acan, komo muak mah. Rasa héman, nyaah ngagolontor peuting harita ka Abah anu ngagolér lungsé na ranjang puskésmas. "Énjing mah kedah dirujuk ka rumah sakit gedé! " Ceuk mantri.
Isukna geugeuraeun Abah didorong, pindah kana mobil ambulan. Inget ceuk mantri, lamun taggal 18 Abah tacan muak baé, nyawana moal katulungan. Ambulan dikebut satengah ngapung, cimata tingcurulung gigireun Abah, du'a murudul binarung ingsreuk. Reg, ambulan eureun, macét, kapegat nu ngaguruh, parawéy Agustusan ka alun-alunkeun. Nu di jero mobil pasrah. "Hampura anak Bah!" nyium beuteung Abah. Simpé... Barang sirineu detik-detik proklamasi ngahiung, "Brooot...!" Abah muak. Gurinjal, ngacungkeun peureup, "MERDÉKA...!!!"

 Fikmin # Oray #

Ieu bendu moal anggeus ditepikeun ku pangkur jeung durma. Dasar mah Jasiman téh pahatu lalis, rai hiji-hijina cawéné, tilar dunya dipacok oray, basa memener tuturus kacang. Kasaksian jasa, Jasiman teu tarima laju gegebés. Satélok-télokeun mamarahan, jol jadi barangasan. Kulantaran kitu, manehna terus guguru. Nelah jadi pawang.
Gep, ditéwak, kulitna dirurud, siki panona dicokélan, blewek dihuapkeun, ” Podar dia!” Carékna kana oray. Simut amarah masih meungkeut, giridig ka kebon, oray Kisi dina galengan, diteureuyan Kawas Hindun ngadahar haté Hamzah. Datang ka leuweung, gok aya Naga. Teu loba pikir, gajleng kana huluna, gérésél golok sa sapatna. Cor getih, bari disik-sikan dagingna. Blewek deui sakeureut. Oray binasa ti alam dunya.
Wanci panonpoé deuk nyamuni, gogoléran di saung tengah sawah, ngararasakeun kahareun, sabab amarahna pungkas lumampah. Anca-anca aya anu ting pucunghul dina kulit sukuna, ngakebelan beuki ngarayap kana tuur. Kulitna sisitan. Ti langit Heulang nyuruwuk ka saungkeun, doangna keur kalaparan.

Fikmin # Seneb #

Poé anu kaburi mah Kulup lalanjung, teuin naon atuh anu nyocokan haté, sur-ser teu pararuguh. Ngejat, kalah hanjat, nyingkah kalah nyalukan. Kiwari mah kanyahoan yén Kulup téh nyaah. Moal saeutik ogé robah pamadegan ka manéh Né, bogoh. Hayang babarengan, hayang salawasna teu paanggang.
Nya Kulup gé apal, salian tembok anu nanjeur, ogé beh dituna aya gawir pamisah asih urang. Kulup nyaho jasa, gararati keur meunangkeun haté kolot manéh anu sangheuk maliré pamundut Kulup. Najan teu bisa doang manuk ngaliwatan gawir nu cukup ku ngéplékeun jang-jang. Lahaola deuk nékad.
Ja tisabarang kanyaah gumalantung dina haté, akal nganjangan, ngajadi pecut keur nyiliksik cara, sangkan menangkeun kaheman kolot manéh. Deuk miceun rasa inggis. Kulup deuk ngakan tarajé, ngarah suku manjangan, pasti ngan saléngkah nganteurkeun rasa ditueun jurang. Éné Kulup dugi. Kolot manéh téh lautan hampura ja. Naha pameunteu manéh bet ceudeum? Naha Aya anu miheulaan ngakan tarajé? Ngomong atuh bucitreuk!!!.

 Fikmin # 1883 Tina Cai Panon Kulup#

Kulup teu jauh kaayaana jeung lampu téplok nu geus saateun minyak, kakalicesan seuneuna, sanggeus babaraha poé anu kaburi, manéhna jeung pajuang nu séjén babalicetan tina pélor nu rabeng di sakurilingna. Pungkasna Orok Bantahan ngan nyésa manéhna doang, deungeuna geus galugur jadi suhada.
Kadédéngékeun gorowokna sora harus jasa. Siksaan teu eureun, kocéakna ponuh ka juru-juru Tangsi nu nagog di sisi alun-alun Menés. Sanggeus ditalian, Kulup dikandar, ditaékeun kana mobil. Kapeurih teucan ereun barang karasa awakna dibalangkeun. Panutup panona dibuka, kucap-kiceup bangun lalanjung.
Angin ngagilisir mapai sakujuring awak, anu kiwari keur nyangsaya di basisir Carita. Kalakai jeung daun silih haréwos, laju araroyag kadoang arék nitipkeun tanaga. Sumangetna ngabebela deui, akar babatangan ditumbu-tumbu, laju dibelewerkeun meuntasan laut anu keur gegeduran ombakna. Krakatau katoél anca. Tapi ngamukna moal katadah ku taneuh nu diidek ku bangsa deungeun.





Kamus mini:
Seneb : keheul, ambek.
Kulup : sebutan budak lalaki ( ujang)
Éné : enéng, sebutan ka awéwé
Buri : tukang (tukangeun)
Lalanjung : lalieur, pusing
Teuin : teuing
Jasa : pisan
Gararati : hararésé
Doang : siga, ciga
Ja : da
Deuk : édék, bade