Kamis, 16 Januari 2014
Fikmin # Hop Dia
Jaji miboga dua leungeun nu sakitu galaledéna. Daria bisa neangkeun sorangan ka Kampung Kadu dahu, pasti kagét, langsung ngisingan manéh bating araringgisna. Teu ngantik ditambah ku lojor carita ti Aing. Kabéh géh pasti boga rarasaan nu akur ngeunaan leungeun Si Jaji mah. kecuali Bapa Kolot Jaji, nu miboga leuwih buadag batan Jaji. Dina leungeuna ngagambarkeun paéh jeung peurih kahirupan. Jalma anu neuleu tato ngajeblag mungkus tepika ramo-ramo na. Kitu anu kacaturkeun ku maranéhna anu kawénehan panggih jeung Jaji. Carita ngaleugaan, ceunah lamun jojong baé neuleu. Éta gambaran paéh, sangsarana kahirupan ngadeukeutan. Séak Aing gé nulis rerempodan. Badéng Aing pernah tomu. Ja ieu jadi Fikmin, "Waduh cilaka Rok". Bodo elos ja aya batur jeung anu maca.
Kamus mini
Neangkeun = manggihan
Bating = ungkapan geleuh/boa-boa
inggis= palalaur. jadi lamun "araringgis" pikasararieuneun"
Bapak kolot= Aki
Buadag= Badag pisan
Badeng= Meureun
Tomu=Panggih
Bodo elos= sabodo
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar